Selasa, 02 Oktober 2012

can mangih judul

isuk-isuk cicing na balkon hareupeun kamar,dibaturan kopi + udud sateungah batang,bari nungguan panon peo nu sakeudeung deui datang. torojol kolot ti tukang bari mawa kopi+udud sabungkus.bari diuk anjeuna nyarita."masih geus hudang,biasana ge morongkol keneh ciga kuuk." bari nyedot rokok nu tinggal saparapatna kuring ngajawab."hayan g jadi jalma,sugan we t menangkeun kebo" ngadenge jawaban kuring kolot seuri bari nepak kana tonggong,atuh puguh we kuring teh batuk da haseup rokok trus asup ka jero.ningali kuring batuk,kolot kalah beuki nyakakak.heueuh da sidik kolot sorangan,rek ambeuk oge mikir 3 juta kali.keun we sing sabar.geus beres seuri kolot ngomong deui,"heueuh kudu kitu maneh teh,sabab di alam dunya teh loba kebo nu mangrupakeun awewe."

0 komentar